Adigung-adiguna
gedè hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganna.
Ajak Jawa
ngajak anu heunteu saenyana, heunteu terus jeung hatè, ngan ukur papas baè, supaya ngeunaheun batur.
Akal koja
Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan
Aku panggung
Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.
Aku-aku bangga
Ngaku ngaran batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungna
Aki-aki tujuh mulud
Lalaki nu geus kolot pisan
Alak paul
Tempat anu lain di kieuna, ngenaan jauhna jeung pisusaheunna
Alak-alak cumampaka
Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. Atawa anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia dst.
Alus panggung(alus alur) = alus laur, hadè omè
Tegep dedeg pangadegna
Ambek nyedek, tanaga midek
Ari napsu pohara gedèna, ngan hanjakal teu kaanteur ku tanaga, ma’lum geus ropoh
Anak emas
Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung bapana baè, bisa ogè ku dununganna
Anak merak kukuncungan
Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadèan, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Anak puputon
Anak nu kacida di dama-damana, nu pohara di pikanyaahnya
Anjing ngagogogan kalong
Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed
Ari umur geus luhur, tapi hate ngongoraeun kènèh
Asa ditonjok congcot
Meunang kabungah anu gedè, anu saenyana teu diarep-arep
Asa nanggeuy endog beubeureumna
Kacida nyaahna
Asa potong leungeun katuhu
Leungiteun jalma anu pohara hadè gawena
Adam lali tapel
Lupa kepada sanak saudara , lupa pada kampung halaman.
2 comments:
duch jadi inget ker SMP pelajaran nukieu teh ari ayeuna aya keneh q2 nyua???
hayu urang lestariken bahasa karuhun urang!!!
Post a Comment
Buatlah komentar membangun, kritis dan berupa informasi
Komentar yang berbau pornografi, SARA, dan spam akan saya hapus.